BAB2 SISINDIRAN

Nama : Corrinna Salsabila Amelia 

 Kelas : XI IPA 1

 mata. Pel : B.sunda


PAPARIKAN

Paparikan nyaéta wangun sisindiran.Kecap paparikan asalna tina kecap ”parék” anu hartina ”deukeut”. Paparikan diwangun ku cangkang jeung eusi, anu padeukeut sorana, sarta murwakanti laraswekas dina unggal padalisanna.

CONTOH : 

1. Boboko ragrag di imah,

Ninggang kana pileuiteun

Mun bogoh montong ka sémah

Ari anggang sok leungiteun.


2. Baju hideung kancing tangan

dikaput ku merang awi

Nu hideung matak teu nangan

sing emut ka diri abdi


3.Hirup ulah popolotot.

Bisi moal boga batur.

Kudu inget pesen kolot.

Jeung dulur teh kudu akur.


WAWANGSALAN

Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku sindir jeung eusi.Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi.

CONTOH

• Wangsalna Beca  

Panumpang tumpak di hareup  

entong leumpang bari maca (beca)


• Wangsalna Topi

Dipakena dina sirah

urang ngobrol bari ngopi (wangsalna topi)


• Wangsalna Sangu

Namina bilatung dulang

ulah api teu kadangu (sangu).


RARAKITAN

Rarakitan teh sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Éta cangkang jeung eusi téh pada papak di puhuna (mindoan kawit). Salian ti éta, antara cangkang jeung eusi téh kudu sasora sarta murwakanti engang panungtungna dina unggal padalisan (laraswekas). Tapi laraswekas dina sisindiran mah, aya kalana laraswekas anu kaselang heula, siga pacorok. Ari jumlah engangna dina unggal padalisan aya dalapan engang. 

CONTOH

•Rarakitan Piwuruk

Lamun jalan embung muter

kudu lewat bale desa.

Lamun hayang jadi pinter

kudu rajin di sakola


Lamun urang ka Cikole

Moal hese tumpak kahar.

Lamun urang boga gawe

Moal hese barang dahar.


• Rarakitan Silih asih

Hate bungah nempo soto

hayang geura-geura dahar.

Hate kuring rasa sono

hayang panggih jeung manehna.


Sapanjang jalan Soreang

Moal weleh diaspalan.

Sapanjang tacan kasorang

Moal weleh diakalan.


• Rarakitan Sesebred

Hayang baju lima warna

tapi embung kudu meuli.

Hayang siga panggagahna

tapi hese kana mandi.


Rarasaan ngala mayang

teu nyaho cangkeuteuk leuweung.

Rarasaan koneng umyang

teu nyaho cakeutreuk hideung.


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Analisis Unsur Novel

BAHASA SUNDA