BAHASA SUNDA

WASTA : CORRINNA SALSABILA A

KELAS : XII IPA-1


               KECAP RAJEKAN

     Kecap rajekan nya éta kecap anu diucapkeun dua kali, boh kecap dasar boh padalisan (engang).

     Salian ti malikan deui kecap atawa engang dasar, aya deui rarangkén (afiks) dina basa Sunda. boh rarangken hareup (awalan), boh rarangken tukang (sufiks).  Kecap rajekan kabagi Dua nyaeta: 


1. Kecap Rajekan Sagemblengna

        Kecap Rajekan Sagemblengna nyaeta kecap rajekan NU diwangun ku cara nyebut dua kali Atawa leuwih Sagemblengna kecap dasarna, boh robah Sora boh henteu.  Kecap Rajekan Sagemblengna ngabogaan 2 jenis, nyaeta ;

          A.  Dwilingga

      Rajekan dwilingga nyaeta kecap rajekan anu kecap dasarna dibalikan deui. Dwilingga dibagi jadi 2, nya éta: dwimurni (teu robah sora kecap dasar), jeung dwiréka (ngarobah sora kecap dasar). Kecap dwilingga nuduhkeun jamak atawa diulang.

• Conto kecapna Dwilingga

- Dwimurni 

Kata dasarna : Lembur , Jalma.

Dwimurni-na: Lembur- Lembur, Jalma-Jalma


- Dwireka 

Kata dasarna : Cileung, Lieuk.

Dwireka-na    : Culang cileung, Luak-lieuk.


• Conto Kalimatna Dwilingga

 Dwimurni :

- si ujang datang-datang ujung sare we , karunya cape pisan meren gawena.

- Diperpustakaan loba Jalma-jalma anu keur maca buku.


 Dwireka : 

- karunya udin tatadi gulang-guling dina kasur.

- Eta Kunaon si Udin keur diajar dikelas teh Luak-lieuk wae katukang.


        B. Trilingga 

        Rajékan trilingga nya éta wangenan anu kecap dasarna diulang 3 kali tur robah sorana. Trilingga biasana ngan hiji kecap anu diwangun ku 3 atawa 4 hurup.

• Conto kecapna trilingga diantarana: 

- dat dit dut

- tang ting tung

- trang tring trung, Jeung sajabana


• Conto kalimatna Trilingga:

- Lantaran barudakna sarakola kénéh, Bu Nia pah-pih-peuh di dapur unggal isuk-isuk.

- Sora bedil dar-der-dor dimana-mana keneh, nalika pa presiden simping ka Jakarta.

 

2. Kecap Rajekan Sabagian

    Kecap Rajekan Sabagian nyaeta kecap rajekan nu di Wangun ku cara nyebut dua kali sabagian kecap dasarna, boh robah Sora boh henteu.  Kecap Rajekan Sabagian ngabogaan 2 jenis, nyaeta :

     A. Dwipurwa

     Dwi purwa asalna tina kecap dwi jeung purwa. Dwi hartina dua, sedengkeun purwa hartina mimiti. Rajékan dwipurwa nya éta kecap rajekan anu padalisan awalna dibalikan deui.

     Fungsi dwipurwa (murni tanpa afiks) biasana pikeun nembongkeun pagawean/lampah anu dilakonan sababaraha kali atawa lila. 

• Conto kecapna Dwipurwa :

Kata dasarna : Sapu, Mobil, beres.

dwipurwa-na : Sasapu, Momobilan, Beberes.


• Conto kalimatna Dwipurwa

- Abdi nuju Sasapu di buruan.

- Si Dina nuju maturan Adina ulinan Momobilan.

- Tita dititah ku mamahnya Beberes Imah.


   B. Dwimadya

      Dwi madya asalna tina kecap dwi jeung madya. Dwi hartina dua, madya hartina tengah.

       Rajékan Dwimadya nyaéta kecap anu dibalikan di tengah. Kecap dwimadya anu ditambahan awalan sa- hartina sapanjang atawa sakabéhna.

• Conto kecapna : 

Kata dasarna : Lembur, Poe.

Dwimadya-na : Salelembur, Sapopoe.


• Conto kalimatna Dwimadya:

- Sanggeus sapeupeuting ku kuring dipikiran, ayeuna mah geus buled kuring niat rek meuli motor teh.

- Ku jadi tukang Cimol, kang Yana teh bisa nyukupan kabutuh hirupna Sapopoe.


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Analisis Unsur Novel