BAB2 SISINDIRAN
Nama : Corrinna Salsabila Amelia Kelas : XI IPA 1 mata. Pel : B.sunda PAPARIKAN Paparikan nyaéta wangun sisindiran.Kecap paparikan asalna tina kecap ”parék” anu hartina ”deukeut”. Paparikan diwangun ku cangkang jeung eusi, anu padeukeut sorana, sarta murwakanti laraswekas dina unggal padalisanna. CONTOH : 1. Boboko ragrag di imah, Ninggang kana pileuiteun Mun bogoh montong ka sémah Ari anggang sok leungiteun. 2. Baju hideung kancing tangan dikaput ku merang awi Nu hideung matak teu nangan sing emut ka diri abdi 3.Hirup ulah popolotot. Bisi moal boga batur. Kudu inget pesen kolot. Jeung dulur teh kudu akur. WAWANGSALAN Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku sindir jeung eusi.Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: s...